Wednesday, April 30, 2008

Lengkah Rakean Nepi di 6


Cikal,ti saprak srangenge meletek dina panon andika
Ieu dunya bungangang pinuh ku kasuka
Awak ngawang ngawang jumawa
Mawa harepan jeung wiwaha

Cikal, basa lengkah andika nepi kana hiji
Eusi batin boga jangji
Mageuhkeun deudeuh na ati

Cikal, waktu umur andika nepi ka dua
Wadia balad mimiti datang
Ngaitkeun tali ageman

Cikal, harita andika nepi di tilu
Gagah badag jadi regang nu katuhu
Matri niat satia satuhu

Cikal, andika nepi di opat
Imut mawa hiliwir nu teu kendat
Nangtang dunya ku berbuat

Cikal, leumpang andika teh nepi di lima
Gede pikir kuat awak
Jadi ponggawa ema bapa

Poe ieu geus didieu, nepi di angka genep
Jauh balai, rijki nu parek


Wilujeng Tepang Taun Kasep cikal Ibu nu rengkuh, mugi lengkah kumulendang teh langkung gampil, sing luhung ku ilmu, gede ku darajat.

Keukeup deudeuh,
Ibu Ayah Ai Ade

2 comments:

mamahAL said...

aka wilujeng tepang taunnya,sing jadanak pinter soleh nyaah ka ibu rama sareng ai ade.

Anonymous said...

Selamet Ulang tahun Aka, Moga panjang usia, sehat selalu dan nurut sama orang tua :)